Kanggo Para Nonoman (Karya Busrol Karim)
Iraha pare diala,,,,
erek diirik di jalan,,,,
teu usaha teu sakola,,,,
gawe ngalintrik di jalan,,,,
butuh nilem parab sapi,,,,
heunteu sebeuh ku sawadah,,,,
pangaruh film na tv,,,,
henteu era reuneuh jadah,,,,
nginum limun dahar heula,,,,
pisin disipuh ku patri,,,,
mun teu junun ti sakola,,,,
arisin mun gaduh istri,,,,
mun nginum jajamu hiji,,,,
diklim teu dijalujur,,,,
mun geus timu elmu ngaji,,,,
arisin balik ka lembur,,,,
baju katun heureut hiji,,,,
diklim teu dijalujur,,,,
mun geus timu elmu ngaji,,,,
arisin balik ka lembur,,,,
ngaragaji panas tunggul,,,,
meulah tunggul bari sila,,,,
kana ngaji enggeus ngedul,,,,
pedah geus luhur sakola,,,,
aya dua hayam jago,,,,
anu hiji susah payu,,,,
nyimojang asa kaogo,,,,
teu ngaji pedah geus payu,,,,,
ngan saukur ubar sora,,,,,
angin tarik luak leok,,,,,
tahun baru budak ngora,,,,,
ulin piknik mabok-mabok,,,,,
ngala beunteur ku ragaji,,,,
cenah enya keur usaha,,,,
lamun teu bener keur ngaji,,,,,
era ditanya mitoha,,,,,
salak jengkol beda rasa,,,,
tapi rupa siga nangka,,,,
barudak getol puasa,,,,,
tapi pamuda mah langka,,,,
peda dibeuleum ku lilin,,,,
katutungan didudutan,,,,
pemuda nu beki ulin,,,,
nyisiran jeung heheotan,,,,,
teu kaop maseuhan mata,,,,
sok lieur dina tungtungna,,,,
teu kaop ngalaman kota,,,,,
sok ngabalieur ti kolotna,,,,,
peda teri nu ti medan,,,,,
dipiceuh pedah bulukan,,,,
pemuda kiwari edan,,,,
miceun susah mamabokan,,,,
mun nginjeum kudu nyarita,,,,
nyabak dada bari salam,,,,
tina filem jeung berita,,,,
ngarusak pemuda islam,,,,
sadane tinu malarat,,,,
karungna ti anu siung,,,,
awewe kiwari orat,,,,,
teu ditiung tembong ping-ping,,,,,
bubuahan dina kulah,,,,,
sok ka keueuman ku jaram,,,,,
bobohan anu salah,,,,,
paduduaan anu haram,,,,,
disarada susurakan,,,,
dijempekeun ku nungora,,,,
pemuda mabok-mabokan,,,,
keur ngaleungitkeun kaera,,,,
Komentar
Posting Komentar