Postingan

Kanggo Para Nonoman (Karya Busrol Karim)

 Iraha pare diala,,,,  erek diirik  di jalan,,,,  teu usaha teu sakola,,,,  gawe ngalintrik di jalan,,,,   butuh nilem parab sapi,,,, heunteu sebeuh ku sawadah,,,, pangaruh film na tv,,,, henteu era reuneuh jadah,,,,  nginum limun dahar heula,,,, pisin disipuh ku patri,,,, mun teu junun ti sakola,,,, arisin mun gaduh istri,,,, mun nginum jajamu hiji,,,, diklim teu dijalujur,,,, mun geus timu elmu ngaji,,,, arisin balik ka lembur,,,, baju katun heureut hiji,,,,  diklim teu dijalujur,,,, mun geus timu elmu ngaji,,,, arisin balik ka lembur,,,, ngaragaji panas tunggul,,,, meulah tunggul bari sila,,,, kana ngaji enggeus ngedul,,,, pedah geus luhur sakola,,,,  aya dua hayam jago,,,,  anu hiji susah payu,,,, nyimojang asa kaogo,,,, teu ngaji pedah geus payu,,,,, ngan saukur ubar sora,,,,, angin tarik luak leok,,,,, tahun baru budak ngora,,,,, ulin piknik mabok-mabok,,,,, ngala beunteur ku ragaji,,,, cenah enya keur usaha,,,, lamun teu bene...

Sajak Sunda Awal Taun Baru Masehi 2025 (ᮞᮏᮊ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮃᮝᮜ᮪ ᮒᮅᮔ᮪ ᮘᮛᮥ ᮙᮞ ᮦᮠᮤ |᮲᮰᮲᮵|)

Ngagegag dugi ka Nelenyeng pikeun tujuan nu puhara.... ᮍᮌ ᮦᮌᮌ᮪ ᮓᮥᮌᮤ ᮊ ᮔᮨᮜᮨᮑᮨᮀ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ ᮔᮥ ᮕᮥᮠᮛ...  Jasmani Rohani nu hurip tur waras  jeung bisa ngadegkeun.... ᮏᮞ᮪ᮙᮔᮤ ᮛᮧᮠᮔᮤ ᮔᮥ ᮠᮥᮛᮤᮕ ᮒᮥᮁ ᮝᮛᮞ᮪ ᮏᮩᮀ ᮘᮤᮞ ᮍᮓᮨᮌ᮪ᮊᮩᮔ᮪...   Aya oge Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut keur dzikrulloh jeung silaturrohim...   ᮃᮚ ᮇᮌᮦ ᮍᮜᮩᮒ᮪ ᮍᮩᮀᮊᮩᮚ᮪ ᮍᮘᮔ᮪ᮓᮜᮩᮒ᮪ ᮊᮩᮁ ᮓ᮪ᮐᮤᮊ᮪ᮛᮥᮜᮣᮧᮠ ᮏᮩᮀ ᮞᮤᮜᮒᮥᮁᮛᮧᮠᮤᮙ᮪...  Bray caang mapag 1 Rajab.... ᮘᮢᮚ᮪ ᮎᮃᮀ ᮙᮕᮌ᮪ |᮱| ᮛᮏᮘ᮪....  Nonoman bujagga mugia laksana sagala cita-cita... ᮔᮧᮔᮧᮙᮔ᮪ ᮘᮥᮏᮀᮌ ᮙᮥᮌᮤᮃ ᮜᮊ᮪ᮞᮔ ᮞᮌᮜ ᮎᮤᮒ-ᮎᮤᮒ....  Serah tumarima kana sagala Katangtosan-Na... ᮞᮨᮛᮂ  ᮒᮥᮙᮛᮤᮙ ᮊᮔ ᮞᮌᮜ ᮊᮒᮀᮒᮧᮞᮔ᮪ᮔ....